Kadaharan Sunda: Colénak || Kelompok 4

Tugas Basa Sunda Kadaharan Tradisional 

Asal Usul jeung Sajarah:

Colénak atanapi nu katelah ogé beuleum peuyeum, mangrupakeun jajanan khas Sunda anu asalna ti wewengkon Bandung. Kadaharan ieu mimiti diwanohkeun ku Aki Murdi dina taun 1930-an, nalika anjeunna ngamimitian ngolah peuyeum sampeu dibeuleum. Ngaran "colénak" mangrupa akronim tina ungkapan dina basa Sunda "dicocol énak", anu hartosna dicelupkeun tuluy karasa ngeunah nalika didahar. Colénak didamel tina peuyeum sampeu anu dibeuleum, teras disajikeun ku cara dicocolkeun kana saos gula beureum cair anu dicampur sareng kalapa parut. Kadaharan tradisional ieu kantos janten hidangan panutup dina Konferensi Asia-Afrika taun 1955 di Bandung, sahingga langkung dikenal ku masyarakat luar ogé.


Alat:

- Teflon

- Spatula

- Peso & talenan

- Panci

- Sendok

- Piring


Bahan: 

- Peuyeum

- Santen

- Gula beureum

- Gula bodas

- Daun pandan

- Kalapa parut

- Uyah

- Cai sacukupna

- Mentega


Cara Nyieun Colénak:

1. Siapkeun peuyeum, potong kumaha selera. 

2. Panaskeun teflon, olesan ku mentega sakedik.

3. Beuleum peuyeum dina teflon dugi rada coklat.

4. Lebetkeun gula beureum kana panci, tambahkeun cai, gula bodas, daun pandan, sarta uyah sakedik.

5. Campurkeun santen sareng kalapa parut, teras masak dugi ka ngagolak sareng seungit.

6. Sajikeun peuyeum anu parantos dibeuleum dina piring.

7. Tuangkeun saos gula beureum sareng parutan kalapa di luhurna atanapi disayagikeun dina wadah kanggo dicocol.

8. Colénak siap dituang salagi masih haneut supados langkung nikmat.


Dokumentasi 

Vidio
.

Anggota Kelompok 4:
- Alifa Putri Sudrajat
- Diana Christiani Sinaga
- I Putu Eka Raditya
- Keysha Khuliqa Salsabila
- Nazhifa Putri Aulia
- Putri Naila Shofie
- Sri Anisa 
Kelas: XII-11
Sekolah: SMAN 5 CIMAHI


Hatur Nuhun (⁠.⁠ ⁠❛⁠ ⁠ᴗ⁠ ⁠❛⁠.⁠)





Komentar